Home » » Urang Ngawawaas Mangsa Budak, Baraya!

Urang Ngawawaas Mangsa Budak, Baraya!




Lembur Panineungan#2

Kocapkeun isukna pasusubuh geus saged rek nyaba ka Cimahi. Bener, dibarengan ku Mang Umar katut Amih Eneng ti Cibunut tea. Kana beus anu ngaranna Nasional da harita mah karek aya hiji-hijina beus jurusan Sumedang-Bandung. Sajajalan ngalenggut we dina lahunan Apa, dibere heula pel anti mabok ku Eni.
Hudang-hudang teh basa geus nepi ka stasion Bandung. Dipangmeulikeun kueh onde-onde ku Apa meuni bungah nakeran. Sidikan kuring mah beuki pisan kueh anu loba siki wijen kitu. Galede baheula mah, aya anu sagede-gede bola kasti.
Ti dinya lalampahan teh dituluykeun kana oplet jurusan Padalarang. Eta mah sajajalan kuring waspada we, awahing kasieunan dibikeun ka Mang Umar ku Apa. Enya, sieun dititah diuk dina lahunanana, hiiiy… bararaid teuing!
Sigana perbawa sieun antukna kuring sama sakali henteu ongkek, ketang pedah geus dibere pel antimo, campur  jeung kueh onde-onde meureun, nya?
Pasosore jalma-jalma geus hempak di patengahan bumi Emih di wewengkon Tagog. Saderek-saderekna Apa diulem, cenah mah sakalian rek milu mangdungakeun anu gering. Emah nembe diajakan mulih ku Apa ti rumah sakit. Rek ngajaran diubaran ku Amih Eneng. Kuring mah jeung Arnie kompak nyebutna teh Si Galing, da buukna mani nyungkiriwiding garaling laleutik tea.
            “Kumaha raosna we, sok bobokeun di kamar oge teu nanaon,” ceuk Si Galing bari pepeta ka para Uwa istri, merenahkeun Emah sangkan ngaraos tumaninah.
”Emih, punten pangnyandakkeun cikembangna! Ulah hilap seureuhna deuih salapan lambar, nya! Eta deuih endogna, Kang, enggal kadieukeun!”
Emih sareng Apa mani luut-leet kesang. Komo Apa mah pameunteuna oge mani beureum euceuy. Sabatae balik nyanyabaan langsung sibuk kudu nyadiaan sagala rupa pasaratan pikeun ngubaran Emah. Mangkaning ceuk Uwa Titi, Apa kuar-kier heula nyiar duit tambahan. Tacan laporan deuih ka komandanna di Hub-Dam, Bandung.
Muteeer weh tamah sang prajurit Siliwangi!
            Kuring jeung Arnie nyerangkeun tukangeun hordeng kamar Emih. Kapireng Uwa Titi bari ijigimbrang teh ngengengklek Riri, adi kuring anu umurna karek genep bulan. Tah, ana keur kitu gorowooook sora Emah!
            “Aduuuh, Gustiiii, nyeriiii! Ieueueung, Amih, nyeriii!”
Jajantung asa coplok. Silih teuteup jeung Arnie, ku hayang ngaberebet ka kamar Emah. Tapi leungeun karasa dicentok ku Uwa Titi anu kabagean tugas ngawaskeun barudak.
”Montong ka mamana, cicing we di dieu!” pokna bari ngajakan dariuk.
Heg ngabagikeun getuk lindri ka barudak nyaeta; kuring, Arnie, Riri jeung Gaga, anakna. Kakara ge rek am pisan ngahuapkeun getuk lindri, eta mah geus keuweuweung deui bae ti kamar Emah.
”Amiiih! Tobaaat, teu kiaaat, nyeriiii!” cenah kacipta kituna teh bari adug songkol.
            “Dikumahakeun Emah ku Si Galing, nya?” cekeng keuheul.
            “Urang teang, yu Teh?” ceuk Arnie.
Kapirang Uwa Titi ngaringkang bari mangku Riri, dituturkeun ku Gaga, panasaraneun oge tayohna.
Beretek weh kuring kadua Arnie pating beretek muru kamar Emah. Kasampak Emah keur dirarejengan. Sedengkeun Si Galing haben we ngarancetan pean, panangan… satakerna! Teu wasa ningali nu jadi indung kacirina kasiksa pisan ku kalakuan Si Galing, kuring jeung Arnie kompak milu ceuceuleuweungan. Marengan sora Emah anu kadengena teh asa mingkin kanyenyerian.
            “Amih Galing gelooo! Amih Galing gelooooo!”
            “Leupaskeun Emaaah! Leupaskeun Emaaah!”
            Teuing pedah ngarasa keuheul kabaribinan ku budak jejeritan, atawa memang geus ngarasa cukup ngubaranana, Si Galing lungsur tina dipan Emah. Uwa Titi tangka kokompodan, mamandapan menta hampura ka Si Galing.
            “Wios lah murangkalih ieuh,” ceuk Si Galing, tapi kuring asa nempo panonna mindeng murelengan.
Jeun teuing lah, asal Emah ulah dinyenyeri we!
”Cikembang tilas ngawasuh raray Ceu Alit enggal dipiceun ku Akang di jalan cagak, nya. Omat teu kenging luak-lieuk ka pengker. Ongkoh engke we pami tos maghrib. Teras ieu endog kedah dipeupeuskeunana teh enjing pasusubuh…”
Sabada paparentah itu-ieuna mah henteu ngengkekeun deui manehna amitan mulang ka Sumedang, tangtuna oge dibarengan ku Mang Umar. Duka tah diburuhan sabaraha ku Apa.
Pasusubuh Apa dirariung ku saderek-saderekna. Paralayeun ngiring nyaksian eusi tilu endog hayam tea. Breeel, endog kahiji  ngaburusutkeun buuk sajembolan. Breeel, endog kadua ngaburulukeun jarum jeung silet. Breeel, endog katilu mah teuing ku… bau malahung! Tangka arongkek-ongkekan tamah para Uwa istri!
Duka alatan jetu jampe pamake Si Galing, atawa duka memang geus sareatna kudu cageur, Emah walagri deui sabihari. Ngan basa kuring dijajapkeun ku Nini make sedan Uwa Yuyun ti Jakarta, Emah henteu puruneun ngiringan. Palay disarengan Emih sareng Apa we, engke nyusul kana beus, cenah. Teu kungsi lila ti harita Emah geus brek deui teu damang, diopnameu di rumah sakit Sumedang.
“Henteu nanaon ieu mah, ngan kudu loba istirahat wungkul,” saur Apa basa dirariung ku barudak di patengahan.
“Istirahat di bumi we, Apa. Ai jangji moal nyungkeunan jajan ka Emah deui. Moal ogoan deuih…” ceuk Teh Ai biasa bari semu luwa-lewe.
“Muhun, Apa…. Tikeu oge moal nyungkeun diaanteur ku Emah ka sakola,” kuring oge embung kaelehkeun bageur tur iklas.
“Arnie oge moal ameng bae da, Apa. Bade ngiring ngaos sareng Teh Ai, sareng Teh Tikeu ka Pagelaran,” ceuk Arnie bari lunggak-linggek gumeulis.
Apa gumujeng, heg ngarangkulan barudak saurang-saurang.
”Kupingkeun, nya barudak…. Sakedap deui Emah teh bade masihan adi!”
“Masihan adi, Paaa?” barudak parungak-pinguk tacan ngarti.
“Adi teh orok, kitu Pa?” kuring nalengteng.
“Sapertos kapungkur basa ngalahirkeun ku Riri tea, nya Apa?” Teh Ai nyindekkeun. Apa unggeuk bari gumujeng.
“Hurseeeh…! Tikeu rek gaduh adi deui! Hurseee!” kuring jigrah emprak-emprakan, cocorowokan. Kitu deui Arnie jeung Teh Ai. Hee-booh, euy!
“Muhun, Emah nuju nyiram…. Mudah-mudahan engke mah orokna lalaki, nya barudak? Urang ngadarungakeun, hayuuu!”
***
            

0 komentar:

Posting Komentar

Recommend us on Google!

Tulisan Terbaru