Home » » Lembur Implengan

Lembur Implengan




Lembur Implengan
Cartibag; Pipiet Senja

(Hiji)
Cimahi lembur implengan pikeun kuring mah. Enya, urang sebut kitu we. Tempat kuring jeung adi-adi ngalaman mangsa rumaja. Ngimpleng mangsa-mangsa anu bakal dilakonan. Boga dulur teh genep, adi wungkul da kuring anak pang gedena. Katambahan ku Teh Ai, putrana Uwa Iyah anu janten kapala sakola  SD di Labuan. Dirorok ti lelembut basa Teh Ai karek sataun satengah, cenah mah, geus dipasrahkeun ka Nini di Sumedang. Satuluyna diasuh ku Emah jeung Apa.
Taun 1974, Apa sabondoroyot hijrah ti Jakarta ka Cimahi.
“Sugan we Si Tikeu cageur ari cicing di hawa tiis tur seger, tacan loba polusi mah,” saur Apa basa ngariung di patengahan bumi Emih di wewengkon Tagog.
“Ongkoh hirup di Jakarta mah asa teu kauntup ku pangkat model urang, nya Koko?” Emih, kitu nyebutna pala putu ka ibuna Apa, ngengklokan.”Nya mending oge urang ngumpul ngariung di dieu lah. Geura omean ieu imah titinggal Aki teh.” Duka Emih terangeun henteuna mah, yen Emah seueur sambetan urut ngubar-ngaber kuring. Ngan kapireng we pameunteu Emah bangun bareubeu. Cape karek pindah sugan, bubuhan mani satreuk babawaan ti Jakarta teh.
“Bener kitu. Keun, Bapa mah masing kudu didugdag oge ka Jakarta, teu nanaon. Pentingna mah Emah jeung barudak bisa hirup tingtrim di dieu.”
Der weh Apa kuriak, tangtuna oge sanggeus babadamian jeung saderek-saderekna. Salila kuriak cicing teh di bumina Nini Edah, payuneun bumina Emih. Resep we anu aya, unggal peuting ngagaronyok, silih gonjak, rame sempal guyon tea.
Bari ngadedengekeun siaran dongeng Sunda, Mang Wahyu mun teu salah mah. Mun ditengetan sigana taya hiji ge suhunan anu henteu nyetel siaran dongeng Sunda. Kituna teh di sakuliah Tagog parat terus ka tukangeun gedong sandiwara Harapan deukeut alun-alun. Ibu-ibu, bapa-bapa, nini jeung aki, kum weh. Dongeng Sunda harita lir agenda penting pikeun masarakat golongan ekonomi pas-pasan. Haratis tea atuh. Mun kiwari mah kawas telenovela kitulah.
Aya sawatara lilana kuring henteu tiktikbrek teuing. Pasusubuh geus kaluar ti imah muru Masjid Agung, ngabring jeung adi-adi. Salian ti solat barjamaah osok dituluykeun kuliah subuh. Balikna bring deui ngabring genepan, da Rosi jeung Amy bungsu mah lembut keneh, tacan dibikeun abring-abringan ku kolot. Sakapeung mun keur nyekel duit, gen heula naragen jajan bubur hayam di hareupeun imko Babah Cipeuw. Atawa mareuli gogorengan di hareupeun imah-toko Ona Gelung.
***

Sakali mangsa dina bulan Romadon. Ti peutingna keneh oge geus babadamian, sabada imsak arek ka Masjid Agung. Iwal Rosi jeung Amy, kuring sadudulur genepan ngalabring seja ngalap berkah, hidayahna ti Gusti Alloh. Katambahan ku Aen, putrana Eneh, kapirakana Apa keneh.
“Ulah ngaliwat ka hareup, osok loba barudak pamabokan,” saur Emih mopoyankeun basa rek nulakan deui panto.”Kamarina oge Si Nyai, incuna Wa Haji beak diheureuyan. Mun teu kaburu kanyahoan ku Mang Uca mah, teuing weh!”
“Rek naon atuh Ceu Nyai make udar-ador wayah kitu, sosoranganan Mih?” Aen tetelepek. Pakokolot supa we jeung Hari mah. Ku Apa diajakan saimah jeung kuring sadudulur. Apa tea resep naker ka budak lalaki.
“Euh, nyeta lah… matak pikaeraeun dicaritakeun oge!”
“Kumaha kitu, Mih?” kuring kabawakeun panasaran.
“Ah, meugeus, kalah rek ngupat batur ieu teh? Henam kaituh geura arindit!” Emih kalah ngagugubrag.
Kadieunakeun kuring kakara apal. Ongkoh sigana sa-Tagog mah geus arapaleun kalakuana putu Wa Haji. Cenah mah osok “nagog” di parapatan Tamblong, lamun keur tiiseun kapaksa “nagogna” di parapatan Tagog. Dua puluh taun ti harita, kuring meunang beja yen Ceu Nyai maot alatan kangker rahim jeung panyakir kotor. Matak ngagujrudkeun, pedah eta cenah mayitna bau malahung ka mamana!
Caritana nurut weh sakumaha piwuruk Emih. Ngatruk laleumpang mapay-mapay gang, bari silih gonjak kumaha we ilaharna barudak rumaja. Ketang anu geus rumajana mah tiluan nyaeta Teh Ai, kuring jeung Arnie. Teh Ai keur ngadagoan panggilan gawe, lulusan SAA. Arnie karek asup SMA Pariwisata. Kuring mah nganggur geus dua taun, kaluar ti SMA kelas dua. Tacan kapikiran kumaha ketak pikahareupeun. Ari Riri kelas genep, Hari kelas opat, Adih kelas tilu, Rosi kelas hiji. Kabehanana oge sarua di SD Tagog.
“Ari Teh Ai, ku naon nya leumpangna mani boyot-boyot teuing?” Arnie mimiti ngarahuh.”Geus, ah, urang tinggalkeun we, Teteh!”
Dilieuk ka tukang, bener we mojang TB alias ti Banten teh leumpangna mani ngageblay. Sakapeung matak gemes ku kaboyotanana. Reaksina kana sagala kajadian deuih osok pikaseurieun.  Harita oge barudak mah geus kalaluar ti gang, tinggal meuntas weh muru alun-alun. Ari Teh Ai ditengetan teh keur ngageblay keneh we palebah susukan. Iih, mani taya kasieun nya?
“Aeeen!” antukna mah kuring ngagorowok ka Aen. “Iyeuh, wayahna nya kudu balik deui kaituh. Teh Ai ulah ditingalkeun sosoranganan, ajakan we barudak. Teteh leuleus kudu balik deui ka ditu mah.”
“Bisi aya anu nyulik, nya Teh?” Si Aen nyengir koneng, mani hahehoh tuturubun balik deui nyampeurkeun.”Barudak mah ka mana boa, Teteh. Geus nepi meureun ka Masjid Agungna ge...”
“Nya kapaksa Aen we kaituh!”
Rada sarieuneun barudak teh ku kuring mah. Osok galak, teureuh ti Apa sugan. Narelahna oge Ma Eteh. Kapireng manehna bari kukulutus, lumpat deui ka palebah Teh Ai. Kuring nuluykeun lalampahan, angkanan rek nyusul Arnie jeung Riri anu geus miheulaan. Meujeuhna paroek jeung calombrek keneh. Mangkaning kaamanahan ku Apa kudu babarengan, ulah nepikeun ka papisah. Ari ieu lain papisah deui sidikanan… paburencay!
Ana keur kitu kadenge aya anu teteh-tetehan ti tukangeun. Sora Aen! Kapaksa kuring ngarandeg deui, bolay nyusul barudak. Ret dilieuk ka handap da geus di luhur sisi jalan. Ambuuiing! Saha tateh anu ngengenyang leungeun Teh Ai? Hiji pamuda sapantaran kuring keur aduregeng we jeung Aen. Marebutkeun Teh Ai!
“Lawaaan, Aeen, lawaaan!” kuring tuturubun bari cecerewetan. Teu inget kana kaayaan sorangan anu mimiti karasa laleuleus. Kalah ras kana isu anu keur mahabu di Tagog harita. Tacan lila aya kajadian budak awewe dipaksa pirusa, didekeman ku lima pamuda di hiji imah, kapanggihna geus aya mingguna, cenah…. Biheung palebah dinya!
“Enya edek ieu oge, iih! Teh Ai-na atuda…” Aen ngenyang leungeun Teh Ai anu katuhu. Ti beulah ditu oge keukeuh ngengenyang Teh Ai. Eta mah Teh Ai lain ngaleupaskeun maneh, eeh, kalah siga-siga anu resepeun?
“Aduuh, Aeen, lalaunan atuh, Aeeen…. Ieu nyeeriii,” cenah ancad laer cara sasari. Barang ditengetan, hiih, Si Jonih geuning! Budak pamabokan anakna Mang Atma urang kaler. Pangawakan cengkrang, bubuhan tukang ngaganja mo bina ti budak kurang nyatu we. Padahal lamun daek mah, sakali sepak oge tangtu kana ngajurahrohna teh!
“Joniiih! Leupaskeueueun lanceuk aing, siaah!” kuring sesengor. Puguh samemehna kungsi patelak jeung manehna teh. Balik ti pasar Tagog rek nyowel gado kaburu dipiheulaan ditajong. Ngati-ngati, ngan sigana sieuneun basa nyahoeun saha-sahana kuring. Anak tentara tea apan… pikiraneun!
“Ehh, Neng Tikeu, nya… incuna Emih Encun, nya? Anakna tentara, nya? Kabeneran atuh, Neng Tikeu, hehe… hehe…” Ngelay-ngelay we bari bangun dadaligdeugan. Tapi leungeunna pageuh keneh nyekelan leungeun Teh Ai.
“Sepak taeunana geura, Aen!” cekeng teh rujit neuleuna.
“Teh Ai tuda ngahalangan wae, Teteh…”
“Lain kitu, Aen, da ieuna atuh mani tarik kieu…” Aduuh, Teh Ai, Teh Ai!
“Teh Ai, buru ka dieu!” Sakali centok satakerna… breeet weh, Si Jonih ngaleupaskeun cekelanana.
“Sugan hayang dikieu nya jelema teh!” Aen ngepretkeun leungeun katuhuna kana beungeut Si Jonih. Kitu-kitu oge barudak teh apan osok dilatih mengpo ku Apa, aliran Hasta Bela ngaranna.
“Ajooouuw!” Si Jonih ngagorowok, nyerieun.”Awaaas siiah, awaaas siaah… engke rek dibejakeun ka babaturan, siaah!”
“Ditungguan lah di Tagog, siah!” Aen bari leumpang gagah ninggalkeun Si Jonih. Eta mah Teh Ai, sangkilang ku kuring dikekenyang kalah hayoh weh murilit ka tukangeunana. Siga nu lebareun naker ka Si Jonih!
“Ku naon atuh tadi teh make dilayanan, Teh Ai?” Aen ngagugat.
“Iih, da tadi mah asa bageur ngomongna oge…” tembalna keukeuh ancad laer. “Lumayan kasep apanan, nya Tikeu…?”
“Gustiii! Sakitu cengkrang, ngelay-ngelayna teh…. Heuheuy deuh, Teh Ai, kapengpeongan Si Jonih, nya? Dipurulukan naon, Teh Ai?” Aen bari ngaheuheuh kolu keneh ngaheureuyan Teh Ai.
Basa diparentog ku barudak oge da keukeuh we Teh Ai mah dadakuna teh. “Da kasep atuh…” cenah mani tampa dosa tea nyaritana, innocent.
***

Ti saprak hijrah ka Cimahi, Apa saminggu sakali kakara tiasa riung mungpulung jeung saanak bojo. Kituna teh tug dugikeun ka pangsiunna taun 1986. Di Jakarta Apa ngontrak bumi di Utan Kayu. Taun-taun munggaran mah barudak arang langka ka Jakarta. Iwal ti Emah anu osok bagilir ngapelan ka Jakarta, mun Apa kabeneran loba tugas jaga. Jadi kuring oge tacan terang kumaha kaayaan Apa di bumi kontrakanana… tug nepikeun ka taun 1978!
Basa munggaran engeuh kumaha kaayaan Apa di Utan Kayu teu wudu kuring ngarasa soak. Teu rek kitu kumaha, atuda lain oge imah tamah, sidikanan pamatuhan anu “tidak layak huni”. Puguh kaayaan lingkunganana sakitu keumeuhna, masarakat sabudeureunana lolobana mah henteu nyarakola. Sumawonna moral, spiritualna mah, beu… ipis weh! Pendatang ti mamana, urang Batak Karisten, Manado Protestan, Jawa Abangan tea. Malah jalma anu karumpul kebo oge bayatak deuih!
“Naha Apa bet milih matuh dinu kieu?” ceuk kuring bari nyakclakan cipanon. Ras inget kahirupan kuring sadudulur di Cimahi sakitu garenahna, imah ublung-ablang kawilang gedong. Duuh, Apa, Apa mana tigin teuing kana dedikasi boh ka Nagara boh ka kulawarga. Bet mo bina ti lilin bae Apa mah, nyahayaan sabeudeureunana bari ngorbankeun diri sorangan.
“Teu nanaon Apa mah sakieu oge geus pirang-pirang alhamdulillah. Pentingna mah Emah jeung barudak di Cimahi ngarasa tingtrim. Ongkoh Apa apan kudu bisa nyimpen, nabung keur masa depan barudak…” kitu jeung kitu bae kaiklasanana teh. Mungguh matak tuladaneun anu ngarora. Mungguh matak nambahan reueus pala putrana.
Lamun henteu penting-penting teuing mah kuring embung ka Jakarta teh. Asa teu werat kudu nyaksian anu jadi bapa sakitu masakat, sangsarana. Sangkilang pangkat Apa harita tos perwira menengah, Kapten. Lamun keresa mah tangtuna oge Apa bisa bae ngontrak bumi gedong sisi jalan. Tapi apan lain kasenangan pribadi anu dituju ku Apa mah. Asal barudak hirup genah, bisa sarakola, tingtrim jeung Emah. Deudeuh, Apa, mugia Alloh maparinan kabagjaan di dunya aherat kanggo Apa!
***

(Dua)
Mun teu salah mah taun 76-an. Mas Agung, pupuhu Karang Taruna Margaluyu sakali mangsa ngahaja nepungan ka imah. Harita kuring geus mitembeyan kurung-karang. Ngan karek wani ngirimkeun ka koran-koran lokal jeung radio swasta. Samemehna kuring tara pipilueun aktip jeung barudak Karang Taruna teh. Atuda kacirina asa daregig, arogan, abong-abong barudak nyakola, mahasiswa wungkul pangurusna.
“Kata Arnie, Mbak Tikeu suka menulis puisi dan cerpen di koran, ya?”
“Yaah, baru satu-dua saja kok, Mas.”
“Hebat itu, Mbak… Tolong, ya Mbak, bikinkan naskah drama buat anak-anak. Rencananya kita mau pentas setelah Lebaran nanti. Bisa?”
“Temana ulah ditangtukeun, nya, kumaha abdi we,” ceuk kuring nawar.
“Yaaa… tapi apan dalam rangka Halal bi Halal tea atuh, Mbak,” ngomongna osok campur aduk tur lentongna Jawa lekoh keneh. Bubuhan pituin urang Solo.
“Okelah, naha geus aya pamaeanna kitu?”
“Kita-kita sajalah, Mbak…” Manehna nyebutkeun sababaraha ngaran anggota aktip Karang Taruna.
“Mas, ajakan geura barudak preman anu osok marabok di Tagog. Sugan arinsapeun ari diarahkeun kana kasenian mah,” ceuk kuring, tadina mah ukur babalagonjangan.
Ari pek teh bener we, teu kungsi lila barudak rumaja anu nyakola, mahasiswa daraekeun ngahiji jeung barudak preman, baladna Si Apep. Bubuhan Mas Agung mah geus lila icikibung dina organisasi pamuda jeung kampusna, perceka negosiasina. Bubuhan putrana Kolonel, sarieuneun sugan para preman Tagog teh ka Mas Agung mah.
Der weh latihan teater, harita mah tacan boga ngaran. Basa geus remen pentas ku kuring dingaranan weh Teater Terminal. Wadah sarana barudak rumaja ti golongan naon bae ngahiji, tepung lawung tur “berkarya, berbakti dan berarti”. Naskahna beunang nyieun sorangan. Malam Takbiran di Alam Kubur, eusining caritana mungguh saderhana. Dina peuting takbiran arwah-arwah careurik pedah kudu baralik deui ka jero kubur. Aya arwah koruptor, rentenir, saudagar, haji, hostes, bencong, pramugari.
Kabehanana mudalkeun sagala unek-unek, pangalaman mangsa keur kumelendang keneh di alam pawenangan. Aya oge tokoh Malaikat anu bakal nyeredan para arwah mulang  ka alam kubur. Kuring nambahan ku lulucon, sindiran sosial tur joged dangdut campur rock!
Latihanana osok di kantor Erwe da kawilang lalega. Kitu we sanggeus sarolat taraweh, kira-kira sajam-jameun. Sakapeung ari malem Minggu mah tara tarawehanana, langsung latihan nepi ka jam sapuluhan. Ongkoh nyantek waktuna ngan bisa latihan salila bulan puasa. Kitu oge henteu bisa unggal peuting, osok aya bae barudak anu mangkir alatan itu-ieu.
“Isukan mah latihanana urang make kosteum,” ceuk kuring salaku sutradara ngarangkep nyieun naskah, sakapeung kapaksa jadi sponsor ari barudak harayangeun jajan. Enyaan, kalah udulan sagalana weh tamah aktip dina teater!
“Naha make isukan, Teh?” ceuk Ucu Nurhafsah.
“Apan lima poe deui Lebaran. Minangka latihan pamungkas kitulah. Manggungna saminggu sabada Lebaran, lin?”
“Gladiresik apa gladikotor ceritanya?” teuing saha anu nyelengkeung.
“Musikna kumaha, Mas Tukul? Geus beres milu ngarekam ka Unasco teh?” Henteu ngarespon anu haben cecelengkeungan. Musikna dihijikeun dina kaset sababaraha lagu; sora-sora anu pikasieuneun, anjing babaung awor jeung sora iblis ti dasar naraka… Eeh, meureunan kitu, da tacan kungsi pirajeunan nganjang ka dasar naraka barina oge!
“Beres, Mbak, kemarin malam kami sampai begadang di sana,” ceuk Mas Agung mangnembalankeun musisi kajajaden, Mas Tukul, anu ngarangkep jadi bencong.
Isukna bada magrib barudak geus ngalaliud di hareupeun kantor Erwe. Geus menta idin ti Kang Oo Sumantri, Erwena harita. Sakapeung osok disponsoran kadaharan, inuman jeung roko-roko bae mah. Kapireng barudak sarumanget naker latihanana. Der marake kosteum. Uwa Haji diperankeun ku Kang Deddy. Rentenir ku Agus. Sang Koruptor ku Kang Didi. Saudagar ku Kang Entis. Pramugari ku Ucu Nurhafsah, tos maot kiwari mah. Hostesna ku Arnie. Bencongna ku Mas Tukul. Malaikatna weh bagean Mas Agung.
Ditambahan ku sababaraha pamaen piguran, nyaeta barudak preman, pamabokan manten tea. Aya salosinan mah, sawareh purah ngagogotong layon anu rek dikurebkeun ka pajaratan. Sawareh deui purah careurik bari marake baju jeung tiung sing sarwa hideung. Aya anu nananggeuy parukuyan bau menyan. Aya anu dibaguded teregos nyeta-nyeta jundullah, prajurit Palestina. Aya oge anu lolong-lolongan, dibebeyeng ku bencong kawas anu rek ngamen.
Tamah Asep Surasep kalah mamanggul pacul, make dudukuy, nyoren bedog. Dibarengan ku kabogohna Titi Suriti anu ngagegendol oorokan heg di kana bobokokeun deuih, lieur lin? Laah, henteu kageureuh-geureuh deui, paduli pruuung weh!
 Wuaah, enyaan we ku karek latihanana oge geus sagala mungguh. Mungguh pikasieuneun, pikaseurieun tur pikareheeun deuih! Eta da baladna Si Apep aya anu minculak. Nginum pel nahaon mah samemeh der latihan teh. Kareungeu we leumpangna dadaligdeugan, haben noelan imbit budak awewe hareupeunana. Puguh budak awewe teh jejeretean, kacoow. Dasaaar!
            Jalma anu ngalalajoan mani ronghok tina jandela. Ngahaja ditutup pageuh, sangkan henteu ngaganggu anu keur latihan. Geus kitu mah, haaaauuung, haaaauung, waaauw, waaaauw…. Haaauung, haauung, waaauw, waaauuw… Anjing babaung, sora cihcir, gagak awor jeung angin, hujan, dordar gelap. Jerit pikasieuneun, sesegrokna sora iblis ti dasar naraka tea jeung sora nahaon mah… kateuing momonesna Mas Agung jeung Mas Tukul!
            Bring Si Apep sabalad-balad ngagogotong layon Si Eja, da ngan manehna anu daekeun jadi mayitna oge basa acara casting. Anu lianna mah kalah pating puringkak, ngabaralieus, sieun kateuhak ku mayit enyaan magarkeun teh. Ngahaja diasupkeun kana keranda… laah, naon nya ngaranna paragi ngagotong mayit, pamirsa?
            “Innalillahi wa inna ilaihi rojiiiuuun… Telah berpulang ke rahmatullah Sodarah Eja bin Surteja dalam keadaan tenang,” ngong tina sepiker sora sutradara ieu mah.”Sekarang, mari kita menguburkannya juga dalam keadaan tenang!”
            Rengse dikurebkeun, enya bobohongan kitulah, ditumbu ku pakupekna anu ngawurkeun kembang tujuh rupa. Pating alingsreukna anu careurik jeung lalehoan. Geus kitu mah ditaringgalkeun weh… Ganti adegan! Tujuh lengkah ditinggalkeun ku anu tanziah, belegedeg Malaikat rek nakon. Henteu bisa ngajawab sagala pananyana, jelebeeeet, jelebeeet weh Si Eja digegendir ku buntelan koran beunang ngagulung-gulung… Cikikik Si Eja kalah nyikikik, magarkeun teh da getek meneran urut eksim dina tonggongna!
            “Sing bener latihanana atuh, Ejaaa” kuring rada keuheul, puguh keur panteng-pantengna  ngimeutan kalawan daria.
            “Laaah, serieus-serieus teuing atuh, Teteh,” nembalan bari babalicetan digegendir ku Malaikat. Henteu nenjoeun aya oorokan Titi anu murag, kosewad manehna meh ngajuralit. Hadena kaburu ngarawel papan bor, tapi teu burung nonggeng weh sakedapan mah. Jabaning ngan mamake urut karung tarigu minangka boboehanana.
Geeer, ti luar anu lalajo nyarurakan jeung nyaleungseurikeun!       
Si Eja asa kapuji der weh mijah. Puguh Malaikat mingkin wera, jelebeeet, jelebeeet deuih tonggong Si Eja dihanca.
“Meugeus, euy! Gantian, giliran uing liiin?”
“Heueuh, ulah mijah sosoranganan siah!”
“Setooop! Setooop!” Teu make kutkut-katkat lah, barieukeun. Iiih, sigana lamun henteu gancang dihuit mah duka rek ka mana tah lalakon!
            “Meunang bae improvisasi ngan ulah kaleuleuwihi,” ceuk kuring basa lekasan latihan pamungkas.
            “Jeung deui ulah loba ngaheureuykeun Malaikat, siah, Eja. Bisi kateuhak keh!” Kang Entis nyegag.
            “Ngaheureuyan Titi mah meunang, nya?” Si Eja gumasep.
            “Pek we ari hayang digablogan ku Si Asep mah…”
Dina emprona manggung nu munggaran di pakarangan kantor Desa Cimahi Tengah. Barudak kaciri henteu pati sarugemaeun ari margana kabagean kapeutingnakeun, anu lalajona kari saeutik. Malah lolobana mah kari tukang dagang wungkul. Cindekna kaceehkeun ku dangdutan, jaipongan, tatarian katut kasenian lianna ti erte sejen. Ongkoh sarupaning drama, teater harita mah tacan ngamasarakat.
Barudak teu wudu pating kulutus, hareneg ku kakuciwa. Sahenteuna beunang hese cape karasana taya respon panongton saeutik-eutik acan. Biheung taya anu ngalalajoanan iwal ti babaturan sorangan.
“Sabar, tenang, tenang sajalah, Sodarah-sodarah!” ceuk Mas Agung ngabeberah barudak. “Jangan lupa, kita masih punya kesempatan manggung di kandang sendiri. Dua minggu lagi kita kan merayakan tujuhbelas Agustusan!”
“Eueuh, enya nyaaaa!” raong barudak dibarung sarumanget deui.
             Henteu kungsi latihan deui oge dina emprona manggung di kandang sorangan mah, beu!
Eta mah barudak marijahna alahmanan nahaon we. Si Apep sabalad-balad, teu sirikna ngetrukkeun sagala momones, sok sanajan ukur piguran wungkul. Sumawonna para pamaen intina. Kang Deddy enyaan alus naker nyetakeun koruptorna teh. Kang Entis hebat deuih mintonkeun ketak saudagar, ngomongna lentong Cina singke.
Kitu deui Ucu pas pisan ngalakonkeun pramugarina teh. Ari Agus pikaseurieun babatakanana salaku rentenir. Arnie oge ucad-aced, gumeulisna dilediskeun sorangan. Mas Tukul bebenconganana matak pikareheeun anu nyiram. Mas Agung oge anu sasarina daria kabawakeun mijah, lentong Jawana mingkin lekoh. Maenya we aya Malaikat pirajeunan nampa sogokan!
            Caritana sukseeees weh!
           Ngan henteu kungsi lila reaksi mimiti juljol daratang. Arnie balik sakola murang-maring ambek-ambekan.
            “Teteh da nu kitu tea mah. Make mere peran hostes sagala!” cenah gudad-gadeud, jebreeed ngabantingkeun panto kamar.
            “Naha ku naon kitu?” kuring panasaran nyampeurkeun.
       “Diparoyokan ku barudak leutik… Hosteeesss, Hosteees, cenah. Terus basa papanggih jeung saha mah, nini-nini di pasar. Celengkeung teh ngomong, euh ieu teh Neng Hostes tea suuun, cenah. Ih,  eraaa siah Teteh, eraaaa!”
            “Yeeh, puguh alus tateh, Ni. Hartina Arnie maenna alus pisan, kapake tur kalandep ku masarakat Tagog,” ceuk kuring bari nahan pikaseurieun. Sasarina oge manehna mah acuh beybeh apanan. “Tumben niiiih?”
            “Enya atuda bisi kadengeeun ku…” Acan kebat nyaritana geus kapiheulaan ku sora Teh Ai ti tukangeun panto. 
      “Da Arnie mah geus boga kabogoh atuh, Tikeu,” cenah bari ngageblay deui ngajauhan. Tacan oge jep Teh Ai ngomongna, adi kuring anu sejen nyaeta Vivi geus ngagerencem gigireun. “Ari kabogoh teh pacaran, nya Teteh?" Puguh Arnie tangka ngaburilak, sieuneun kadangu ku Bapa, mangkaning kabehanana oge tos diwanti-wanti; ulah bobogohan, barudak keneh!
          “Aduh, gandeng siah, Vivi! Leutik-leutik comel!” Kituna teh bari ngadegungkeun sirah si Vivi, puguh dengek weh budak kelas hiji SD teh ngoceak, malah tuluy ngawiwiw bari ngusapan tarangna.
@@@

0 komentar:

Posting Komentar

Recommend us on Google!

Tulisan Terbaru