Home » » Lembur Implengan: Hayu Urang Diajar Basa Sunda

Lembur Implengan: Hayu Urang Diajar Basa Sunda




Cartibag; Pipiet Senja

Lembur Implengan

(Hiji)
Cimahi lembur implengan pikeun kuring mah. Enya, urang sebut kitu we. Tempat kuring jeung adi-adi ngalaman mangsa rumaja. Ngimpleng mangsa-mangsa anu bakal dilakonan. Boga dulur teh genep, adi wungkul da kuring anak pang gedena. Katambahan ku Teh Ai, putrana Uwa Iyah anu janten kapala sakola  SD di Labuan. Dirorok ti lelembut basa Teh Ai karek sataun satengah, cenah mah, geus dipasrahkeun ka Nini di Sumedang. Satuluyna diasuh ku Emah jeung Apa.
Taun 1974, Apa sabondoroyot hijrah ti Jakarta ka Cimahi.
“Sugan we Si Tikeu cageur ari cicing di hawa tiis tur seger, tacan loba polusi mah,” saur Apa basa ngariung di patengahan bumi Emih di wewengkon Tagog.
“Ongkoh hirup di Jakarta mah asa teu kauntup ku pangkat model urang, nya Koko?” Emih, kitu nyebutna pala putu ka ibuna Apa, ngengklokan.”Nya mending oge urang ngumpul ngariung di dieu lah. Geura omean ieu imah titinggal Aki teh.” Duka Emih terangeun henteuna mah, yen Emah seueur sambetan urut ngubar-ngaber kuring. Ngan kapireng we pameunteu Emah bangun bareubeu. Cape karek pindah sugan, bubuhan mani satreuk babawaan ti Jakarta teh.
“Bener kitu. Keun, Bapa mah masing kudu didugdag oge ka Jakarta, teu nanaon. Pentingna mah Emah jeung barudak bisa hirup tingtrim di dieu.”
Der weh Apa kuriak, tangtuna oge sanggeus babadamian jeung saderek-saderekna. Salila kuriak cicing teh di bumina Nini Edah, payuneun bumina Emih. Resep we anu aya, unggal peuting ngagaronyok, silih gonjak, rame sempal guyon tea. Bari ngadedengekeun siaran dongeng Sunda, Mang Wahyu mun teu salah mah. Mun ditengetan sigana taya hiji ge suhunan anu henteu nyetel siaran dongeng Sunda. Kituna teh di sakuliah Tagog parat terus ka tukangeun gedong sandiwara Harapan deukeut alun-alun. Ibu-ibu, bapa-bapa, nini jeung aki, kum weh. Dongeng Sunda harita lir agenda penting pikeun masarakat golongan ekonomi pas-pasan. Haratis tea atuh. Mun kiwari mah kawas telenovela kitulah.
Aya sawatara lilana kuring henteu tiktikbrek teuing. Pasusubuh geus kaluar ti imah muru Masjid Agung, ngabring jeung adi-adi. Salian ti solat barjamaah osok dituluykeun kuliah subuh. Balikna bring deui ngabring genepan, da Rosi jeung Amy bungsu mah lembut keneh, tacan dibikeun abring-abringan ku kolot. Sakapeung mun keur nyekel duit, gen heula naragen jajan bubur hayam di hareupeun imko Babah Cipeuw. Atawa mareuli gogorengan di hareupeun imah-toko Ona Gelung.
***

Sakali mangsa dina bulan Romadon. Ti peutingna keneh oge geus babadamian, sabada imsak arek ka Masjid Agung. Iwal Rosi jeung Amy, kuring sadudulur genepan ngalabring seja ngalap berkah, hidayahna ti Gusti Alloh. Katambahan ku Aen, putrana Eneh, kapirakana Apa keneh.
“Ulah ngaliwat ka hareup, osok loba barudak pamabokan,” saur Emih mopoyankeun basa rek nulakan deui panto.”Kamarina oge Si Nyai, incuna Wa Haji beak diheureuyan. Mun teu kaburu kanyahoan ku Mang Uca mah, teuing weh!”
“Rek naon atuh Ceu Nyai make udar-ador wayah kitu, sosoranganan Mih?” Aen tetelepek. Pakokolot supa we jeung Hari mah. Ku Apa diajakan saimah jeung kuring sadudulur. Apa tea resep naker ka budak lalaki.
“Euh, nyeta lah… matak pikaeraeun dicaritakeun oge!”
“Kumaha kitu, Mih?” kuring kabawakeun panasaran.
“Ah, meugeus, kalah rek ngupat batur ieu teh? Henam kaituh geura arindit!” Emih kalah ngagugubrag.
Kadieunakeun kuring kakara apal. Ongkoh sigana sa-Tagog mah geus arapaleun kalakuana putu Wa Haji. Cenah mah osok “nagog” di parapatan Tamblong, lamun keur tiiseun kapaksa “nagogna” di parapatan Tagog. Dua puluh taun ti harita, kuring meunang beja yen Ceu Nyai maot alatan kangker rahim jeung panyakir kotor. Matak ngagujrudkeun, pedah eta cenah mayitna bau malahung ka mamana!
Caritana nurut weh sakumaha piwuruk Emih. Ngatruk laleumpang mapay-mapay gang, bari silih gonjak kumaha we ilaharna barudak rumaja. Ketang anu geus rumajana mah tiluan nyaeta Teh Ai, kuring jeung Arnie. Teh Ai keur ngadagoan panggilan gawe, lulusan SAA. Arnie karek asup SMA Pariwisata. Kuring mah nganggur geus dua taun, kaluar ti SMA kelas dua. Tacan kapikiran kumaha ketak pikahareupeun. Ari Riri kelas genep, Hari kelas opat, Adih kelas tilu, Rosi kelas hiji. Kabehanana oge sarua di SD Tagog.
“Ari Teh Ai, ku naon nya leumpangna mani boyot-boyot teuing?” Arnie mimiti ngarahuh.”Geus, ah, urang tinggalkeun we, Teteh!”
Dilieuk ka tukang, bener we mojang TB alias ti Banten teh leumpangna mani ngageblay. Sakapeung matak gemes ku kaboyotanana. Reaksina kana sagala kajadian deuih osok pikaseurieun.  Harita oge barudak mah geus kalaluar ti gang, tinggal meuntas weh muru alun-alun. Ari Teh Ai ditengetan teh keur ngageblay keneh we palebah susukan. Iih, mani taya kasieun nya?
“Aeeen!” antukna mah kuring ngagorowok ka Aen. “Iyeuh, wayahna nya kudu balik deui kaituh. Teh Ai ulah ditingalkeun sosoranganan, ajakan we barudak. Teteh leuleus kudu balik deui ka ditu mah.”
“Bisi aya anu nyulik, nya Teh?” Si Aen nyengir koneng, mani hahehoh tuturubun balik deui nyampeurkeun.”Barudak mah ka mana boa, Teteh. Geus nepi meureun ka Masjid Agungna ge...”
“Nya kapaksa Aen we kaituh!” Rada sarieuneun barudak teh ku kuring mah. Osok galak, teureuh ti Apa sugan. Narelahna oge Ma Eteh. Kapireng manehna bari kukulutus, lumpat deui ka palebah Teh Ai. Kuring nuluykeun lalampahan, angkanan rek nyusul Arnie jeung Riri anu geus miheulaan. Meujeuhna paroek jeung calombrek keneh. Mangkaning kaamanahan ku Apa kudu babarengan, ulah nepikeun ka papisah. Ari ieu lain papisah deui sidikanan… paburencay!
Ana keur kitu kadenge aya anu teteh-tetehan ti tukangeun. Sora Aen! Kapaksa kuring ngarandeg deui, bolay nyusul barudak. Ret dilieuk ka handap da geus di luhur sisi jalan…. Ambuuiing! Saha tateh anu ngengenyang leungeun Teh Ai? Hiji pamuda sapantaran kuring keur aduregeng we jeung Aen. Marebutkeun Teh Ai!
“Lawaaan, Aeen, lawaaan!” kuring tuturubun bari cecerewetan. Teu inget kana kaayaan sorangan anu mimiti karasa laleuleus. Kalah ras kana isu anu keur mahabu di Tagog harita. Tacan lila aya kajadian budak awewe dipaksa pirusa, didekeman ku lima pamuda di hiji imah, kapanggihna geus aya mingguna, cenah…. Biheung palebah dinya!
“Enya edek ieu oge, iih! Teh Ai-na atuda…” Aen ngenyang leungeun Teh Ai anu katuhu. Ti beulah ditu oge keukeuh ngengenyang Teh Ai. Eta mah Teh Ai lain ngaleupaskeun maneh, eeh, kalah siga-siga anu resepeun?
“Aduuh, Aeen, lalaunan atuh, Aeeen…. Ieu nyeeriii,” cenah ancad laer cara sasari. Barang ditengetan, hiih, Si Jonih geuning! Budak pamabokan anakna Mang Atma urang kaler. Pangawakan cengkrang, bubuhan tukang ngaganja mo bina ti budak kurang nyatu we. Padahal lamun daek mah, sakali sepak oge tangtu kana ngajurahrohna teh!
“Joniiih! Leupaskeueueun lanceuk aing, siaah!” kuring sesengor. Puguh samemehna kungsi patelak jeung manehna teh. Balik ti pasar Tagog rek nyowel gado kaburu dipiheulaan ditajong. Ngati-ngati, ngan sigana sieuneun basa nyahoeun saha-sahana kuring. Anak tentara tea apan… pikiraneun!
“Ehh, Neng Tikeu, nya… incuna Emih Encun, nya? Anakna tentara, nya? Kabeneran atuh, Neng Tikeu, hehe… hehe…” Ngelay-ngelay we bari bangun dadaligdeugan. Tapi leungeunna pageuh keneh nyekelan leungeun Teh Ai.
“Sepak taeunana geura, Aen!” cekeng teh rujit neuleuna.
“Teh Ai tuda ngahalangan wae, Teteh…”
“Lain kitu, Aen, da ieuna atuh mani tarik kieu…” Aduuh, Teh Ai, Teh Ai!
“Teh Ai, buru ka dieu!” Sakali centok satakerna… breeet weh, Si Jonih ngaleupaskeun cekelanana.
“Sugan hayang dikieu nya jelema teh!” Aen ngepretkeun leungeun katuhuna kana beungeut Si Jonih. Kitu-kitu oge barudak teh apan osok dilatih mengpo ku Apa, aliran Hasta Bela ngaranna.
“Ajooouuw!” Si Jonih ngagorowok, nyerieun.”Awaaas siiah, awaaas siaah… engke rek dibejakeun ka babaturan, siaah!”
“Ditungguan lah di Tagog, siah!” Aen bari leumpang gagah ninggalkeun Si Jonih. Eta mah Teh Ai, sangkilang ku kuring dikekenyang kalah hayoh weh murilit ka tukangeunana. Siga nu lebareun naker ka Si Jonih!
“Ku naon atuh tadi teh make dilayanan, Teh Ai?” Aen ngagugat.
“Iih, da tadi mah asa bageur ngomongna oge…” tembalna keukeuh ancad laer. “Lumayan kasep apanan, nya Tikeu…?”
“Gustiii! Sakitu cengkrang, ngelay-ngelayna teh…. Heuheuy deuh, Teh Ai, kapengpeongan Si Jonih, nya? Dipurulukan naon, Teh Ai?” Aen bari ngaheuheuh kolu keneh ngaheureuyan Teh Ai.
Basa diparentog ku barudak oge da keukeuh we Teh Ai mah dadakuna teh. “Da kasep atuh…” cenah mani tampa dosa tea nyaritana, innocent.
***

Ti saprak hijrah ka Cimahi, Apa saminggu sakali kakara tiasa riung mungpulung jeung saanak bojo. Kituna teh tug dugikeun ka pangsiunna taun 1986. Di Jakarta Apa ngontrak bumi di Utan Kayu. Taun-taun munggaran mah barudak arang langka ka Jakarta. Iwal ti Emah anu osok bagilir ngapelan ka Jakarta, mun Apa kabeneran loba tugas jaga. Jadi kuring oge tacan terang kumaha kaayaan Apa di bumi kontrakanana… tug nepikeun ka taun 1978!
Basa munggaran engeuh kumaha kaayaan Apa di Utan Kayu teu wudu kuring ngarasa soak. Teu rek kitu kumaha, atuda lain oge imah tamah, sidikanan pamatuhan anu “tidak layak huni”. Puguh kaayaan lingkunganana sakitu keumeuhna, masarakat sabudeureunana lolobana mah henteu nyarakola. Sumawonna moral, spiritualna mah, beu… ipis weh! Pendatang ti mamana, urang Batak Karisten, Manado Protestan, Jawa Abangan tea. Malah jalma anu karumpul kebo oge bayatak deuih!
“Naha Apa bet milih matuh dinu kieu?” ceuk kuring bari nyakclakan cipanon. Ras inget kahirupan kuring sadudulur di Cimahi sakitu garenahna, imah ublung-ablang kawilang gedong… Duuh, Apa, Apa mana tigin teuing kana dedikasi boh ka Nagara boh ka kulawarga. Bet mo bina ti lilin bae Apa mah, nyahayaan sabeudeureunana bari ngorbankeun diri sorangan.
“Teu nanaon Apa mah sakieu oge geus pirang-pirang alhamdulillah. Pentingna mah Emah jeung barudak di Cimahi ngarasa tingtrim. Ongkoh Apa apan kudu bisa nyimpen, nabung keur masa depan barudak…” kitu jeung kitu bae kaiklasanana teh. Mungguh matak tuladaneun anu ngarora. Mungguh matak nambahan reueus pala putrana.
Lamun henteu penting-penting teuing mah kuring embung ka Jakarta teh. Asa teu werat kudu nyaksian anu jadi bapa sakitu masakat, sangsarana. Sangkilang pangkat Apa harita tos perwira menengah, Kapten. Lamun keresa mah tangtuna oge Apa bisa bae ngontrak bumi gedong sisi jalan. Tapi apan lain kasenangan pribadi anu dituju ku Apa mah. Asal barudak hirup genah, bisa sarakola, tingtrim jeung Emah… Deudeuh, Apa, mugia Alloh maparinan kabagjaan di dunya aherat kanggo Apa!
***

0 komentar:

Posting Komentar

Recommend us on Google!

Tulisan Terbaru