Home » » Lembur Panineungan: Ada Aki-Aki Naksir Emak:Awaaaasss!

Lembur Panineungan: Ada Aki-Aki Naksir Emak:Awaaaasss!




Tapi sakali mangsa mah kasabaran kuring ledis, enyaan!
Harita karek balik sakola, beuteung geus kukurubukan, atuda ngan mumuluk bubuy hui wungkul. Tapi henteu bisa ngawadang, da saur Emah engke sakeudeung deui mun geus beres ngaladangan anu mareuli lotek. Kapaksa kuring saadi-adi ngalelengo weh di teras, tangtuna oge bari kalalaparan tea.
Inget keneh we, aki-aki tujuh mulud teh pating calakatak, tayohna sugema hasil ngaheureuyan Emah. Katingal pameunteu Emah bareubeu, pasti awahing nahan parasaan. Luut-leet ku kesang, sakapeung ngalieukan ka palebah kuring jeung adi-adi.
Ehmm, deudeuh teuing Emah, gerentes hate.
“Muhun, Nyi Sersan, keresa engke sonten urang nongton pilem teh?” ceuk Si Aki Sebul, urang sebut kitu we, nya.
”Resep geura, mangkaning bentangna Liz Taylor, Richard Burton…”
“Ulah keresa lah, Neng. Si Abah eta mah geus tilu jikanna oge,” tempas baturna.”Mending oge ngiring ka Abah. Urang nongton sandiwara we engke wengi, nya Neng…?”
“Kumaha keh mun bengekna anval, Bah?”
“Aaah, gampiiiil… menta dirancetan we ka Si Eneng!”
Kuring nelek-nelek jelema anu ngaroconan indung. Aki Orongoh, Aki Sebul jeung Aki Ngohngor. Enya, tiluan tah. Kaciri maranehna geus rengse dalahar lotekna, tuluy dariuk handapeun tangkal jambu bari ngadu bako.
“Tikeu, sok ayeuna mah bisi rek dalahar teh!”
Emah nyampeurkeun bari merenahkeun kadaharan di teras keur kuring saadi-adi.
“Tikeu mah engke we, sakedap deui…” Kuring kalah ngaringkang.
“Iiih, budak teh… tadi pang ributna mementa dahar!”
Henteu ditembalan, noyod we ka palebah tangkal jambu. Tatanggahan sakeudeung. Gagantar panjang paragi tiang bandera beunang Apa, nangreu keneh di dinya. Geus kitu mah kalacat weh kuring nerekel lir Si Onyet.
“Teteeeeh, jambu anu eta taaah!” Arnie ngagorowok bangun ngosom. Curukna bentik-bentik we nunjuk ka palebah jambu pang luhurna.
Dilieuk Emah geus teu aya di teras. Ka jamban paling ge bade netepan lohor. Emih katingal di warung keur istirahat bari milang artos. Nini duka keur di mana. Teh Ai mun teu salah mah keur dipiwarang nagihan arisan ku Uwa Anah.
“Enyaaa!” cekeng teh bari ugal-ugil ngenyang gagantar.
Heup, beunang siah ayeuna mah. Bareng jeung keplukna jambu aya anu ngaweuleuhweuh ti handapeun.
Heeeek, cenah… laaah mani asa dedengeeun teh!
“Ajoooouuuw!”
”Iiih, punteeen pisan, Kii! Teu kahajaaaa!” kabawakeun ngagorowok.
“Budak teh kacida teuing…”
Kaciri Aki Sebul nyekelan sirahna anu digantar ku kuring satakerna. Aki Orongoh jeung Aki Ngohngor kalah silih pelong tacan ngartieun. Dasar telmi, nya?
“Teteeeeh, tah anu beulah kiduuul!” Arnie geus gorowok deui bae ti palebah teras.
“Enyaaaa… ieu ge edek!” Tapi kelanan, kudu sabar heula, gerentes hate. Tungguan sakeudeung, bisi kaciri pisan ngahajana. Tuh geuning, aki-aki tujuh mulud anu tiluan teh ayeuna mah pindah dariukna ka luareun pager baluntas.
Bareng jeung gen pisan rek cingogo Si Aki Orongoh, gupraaaaak!
Sakali ieu mah tiang bandera tina beusi ipis teh ngajebred kana tonggongna Si Orongoh, aeh, Aki batur!
“Iyeueueung!”
“Keuna nyah nyaneh oge?” ceuk Aki Sebul nalengteng.
“Aya naon?” Aki Ngohngor keukeuh telmi keneh.
Kuring teu ngengkekeun deui kusiwel kana saku calana, aya katepel anu Heri, metik jambu pentil…. Jepreeet weh keuna pisan kana tarang Si Ngohngor, aeh, Aki batur kitulah!
Basa kaciri barisan aki-aki geus cageur tina telmina, tuluy ngati-ngati ka kuring, malah siga-siga rek ngajorag. Kuring tuturubun turun, geus salamet di handap tipaparetot asup ka jero imah. Kadenge we Arnie ceuceuleukeuteukan di teras. Sidikanan geus kongkalikong jeung manehna samemeh "blizkrieg" teh.
Rasakeun siah, teu nyaho nya di dieu aya anak-anakna prajurit Siliwangi?!
***
Kocapkeun PKI gagal total ngominiskeun Jawa Barat, sumawonna Indonesia mah. Masarakat ngarasa bungah, malah dibarengan euphoria kaleuleuwihi dina raraga ngabales dengdem. Asa loba dedengeean anu teu paruguh, matak ketir, matak kareueung tur puriding puringkak tea.
Ceuk Bi Eha, di lemburna loba jelema anu dipaehan, diduruk… sirahna dipake jambatan! Ceuk Mang Umar, di lemburna mah susukan teh pulasna beureum ku getih. Lubang-lubang anu asalna pikuburaneun kulawarga tantara Siliwangi jeung kaom ulama, diganti jadi kuburan maranehna. Jalma-jalma anu dianggap kominis ku balarea, atawa sakadar apes katulis tonggong.
Kawas Aki Ardi, rayi tegesna Aki tug dugi ka pupusna oge dipitenah keneh sabage kominis. Sangkilang Aki Ardi teh apan kyai geledegan!
Apa tacan mulang bae. Tapi surat-suratna tara kendat, malah mah murudul. Cenah sakeudeung deui oge mulang. Satuluyna rek milu pendidikan di Cimahi, dinesna rek dialihkeun ka Banten. Kuring saadi-adi ngarasa sono tan wangenan ka nu jadi bapa. Atuda meh dua taun henteu panggihna teh. Anak tantara lianna mah geus saruka bungah, bisa riung mungpulung deui jeung bapana. Iraha Apa mulih?
Lamun geus teu kuat ku kasono, biasana kuring nyalingker ka kamar Apa. Ngabongkar koperna anu metet ku buku-buku, diktat-diktat militer. Hiji-hiji diusapan, diberesihan malah tuluyna mah osok dibacaan. Salila mahabu PKI sagala rupa gaduh Apa teh disumput-sumputkeun ku Emah. Bisi aya anu ngagaradah, heg dijadikeun marga pitenah, cenah.
Apa gaduh bibiliotik di bupet, eusina buku-buku sastra, filsafat jeung pulitik. Eta oge geus lila beak dibacaan, malah remen dibacana teh sawatara kalina. Sigana ti harita kuring mimiti nyandu kana maca teh. Kelas opat geus macaan karya-karya; Takdir Alisyahbana, Amir Hamzah, Armijn Pane, Merari Siregar jeung pangarang Balai Pustaka saentraganana.
Tuluy entragan pangarang kadieuna saperti; Ajip Rosidi, Rustandi Kartakusumah, Utuy Tatang Sontani, Pramoedya Ananta Toer (harita mah tacan apal manehna Lekra!), Idrus, Asrul Sani, Chairil Anwar jste. Sedengkeun terjemahan ti luar mah saperti serial Old Shaterhand, Winetoe-na Karl May, Charles Dickens, Alexander Dumas.
***

Ana keur kitu brek teh kuring gering parna. Diubar-aber ku Emah lain cageur kalah asa mingkin ripuh. Awak laleuleus bae taya tangan pangawasa. Panon mingkin karoneng, atuh beuteung asa mingkin bucitreuk.
Tayohna harita oge geus nyirikeun tanda-tanda kasakit thallassemia. Emah dibelaan ngical kongkorong jeung ali menengna anu salila eta diempet-empet, pikeun meulian ubar kuring. Tacan sugema mawa kuring ka rumah sakit umum, der dibawa ka Silih Asih. Mangkaning dokterna oge urang Jerman, dokter Fritz. Puguh mayarna mahal pisan.
“Lamun Tikeu cageur ku Emah rek dibawa lalajo panggung prajurit,” saur Emah basa karek balik ti Silih Asih. Kituna teh bari ngolo-ngolo sangkan daek dahar, tuluy nginum pel mani sarawu-sarawu.
            “Aya naon bae Emah, di dituna?”
            “Hiih, nya rupa-rupa we. Rek aya Titiek Puspa, Lilis Suryani, Oni Suryono, Rahmat Kartolo, Teti Kadi, Tati Saleh…”
            “Bodorna aya kitu, Emah?” Teuing ku resep kana bobodoranana.
            “Puguh we, cenah mah bakal aya Us-us, Eddy Sud, Ateng, Bing Slamet, Benyamin S. Matakan geura damang atuh Tikeuna, nya Geulis?”
Emah bari ngusapan buuk kuring anu beak murudul alatan panas jeung ubar-ubar antibiotik. Kulit oge asa ngahideungan tur kasap deuih.   
Duka pedah geus dinadaran kitu, duka memang geus waktuna bae cageur, henteu kungsi lila kuring walagri sabihari. Resep we ngabring ka gedong Sitet lalajo panggung prajurit. Emih, Nini jeung Uwa Anah oge ngariring.
Bener we barisan artis Ibukota mintonkeun kahebatanana. Atuh para prajurit saruka bungah, kitu deui kulawargana. Mireng anu saruka bungah, pangpangna barudak jeung indung-bapana, ujug-ujug aya anu nyangkaruk jeroeun dada. Sonoooo tur inget bae ka nu jadi bapa.
Ah, iraha atuh nya Apa mulihna teh? Geuningan batur mah geus riung mungpulung deui jeung nu jadi bapa?
Hate sararedih, mingkin sedih, mingkin sedih. Komo basa Titiek Puspa ngahaleuangkeun lagu “Maju Terus Pantang Mundur”. Ditema ku galindengna Tati Saleh anu halimpu ngahaleuangkeun;“Calik dina Bangbaruuung…” cenah.
Keclak, keclak weh cipanon mapayan pipi, antukna murubut lir susukan bedah. Gustii, sediiih teh!
“Haar, geuning kalah nangis Tikeu mah? Ku naon? Aya anu karasa deui?”
Emah nembe sadar di gedengeunana kuring ingsreuk-ingsreukan, nyusutan cipanon jeung leho mani pabeulit.
“Tikeu mah inget bae ka Apa, Emah, hikks, hikks…”
 Nempo nu jadi anak ceurik balilihan kitu, Emah oge kabawakeun sedih. Cisocana murubut. Kuring ditangkeup mani tipepereket pageuh. Antukna anu saruka bungah tuluy, anu keur sararedih oge… tuluy deuih!
***
Apa tos mulang ti leuweung Sulawesi basa kajadian di handap ieu. Malah Apa anu ngabobotohan, sangkan kuring miluan barisan pramuka, heg pawey ngurilingan kota dina raraga mieling tepung taun Siliwangi. Sanggeus ti beurang pawey, peutingna aya hiburan rahayat di alun-alun.
Sawatara waktu ti harita ditumbu ku pagelaran seni ti pramuka jeung KAPPI di gedong Nasional.
“Kumaha atuh ieu barudak teh, Apa? Mani kareukeuh bae harayang indit ka gedong Nasional,” Emah teu bisa nganganteur, bubuhan keur mendeyang deui ku adi anu kalima.
Bener, teu kaop padeukeut jeung Apa da Emah mah!
“Komo Apa mah cararape kieu. Ongkoh keur nyeri panon, rarieut lah tas jaga kamari.” Apa kalah ngaribunan anjeun ku sarungna.
“Hanjakal nya Emihna keur ka Cimahi,” Emah ngarahuh.
“Da bade sareng Uwa Anah, Dede deuih, Emah,” ceuk kuring.
“Uwa Anah, geuning sisinanteneun…?”
“Apan Uwa Anah bade ngiringan rampak sekar, Emah,” tempas Teh Ai.
”Muhun… Jangji, nya, jangji da Tikeu mah, ke uihna bade sareng deui!” ceuk kuring meuni mamandapan awahing ku haying-hayangna hiburan.
Malum, langka nakeran aya hiburan dina pajamanan harita mah.
“Enyaan ieu teh moal papisah di dituna?” Emah bangun cangcaya.
“Moaaaal!” kuring jeung Teh Ai mani kompak.
 Inditna kana delman Mang Uyo. Uwa Anah ngagelendut, sangkan barudak ulah papisah, kudu bareng deui balikna. Kumaha keh tanggung jawabna ka Apa Tikeu, lamun nepikeun papisah teh, saurna ngawawadian. Kuring, Dede jeung Teh Ai tiba unggeuk-unggeukan. Barang nepi ka gedong Nasional, Uwa Anah ngahiji jeung rerencangan rampak sekarna.
            Mimitina mah tiluan kompak dariuk weh di barisan pang hareupna, bubuhan Uwa Anah kawilang dipikahormat ku panitia. Enyaan, resep naker ngalalajoanana ti hiji pagelaran seni ka pagelaran seni lianna teh. Mungguh narik ati, seni budaya Sunda titinggal karuhun urang, istilah Apa mah. Komo basa Uwa Anah kalih rerencanganana giliran manggung.
Leuh, kuring milu reueus tur bagja naker. Keprok jeung emprakna oge asa pang harusna we!
            Tah, kira-kira tabuh sawelasan Uwa Anah nyampeurkeun bari boboleh.
 “Kapaksa rencana urang teh robah. Uwa jeung Dede diajakan ngendong ku dunungan. Wayahna, nya, ku Uwa rek dititipkeun ka Bi Epon,” cenah bari omat-omatan ka Bi Epon jeung salakina, Sersan Saad. Sangkan balikna bareng jeung kuring kitu deui Teh Ai.       
“Muhun, Neng Tikeu, Neng Ai, ulah sieun, nya? Urang sareng lah uihna. Aya Apana Juju iyeuh. Mun cape mah nyungkeun digandong we, gantian jeung Juju…” Bi Epon nyanggupan.
Imahna memang teu jauh ti imah kuring, peuntaseun jalan raya. Hate tenang deui nuluykeun lalajo. Ngan teu kungsi lila Si Juju ujug-ujug ngarenghik menta balik, dadakuna mah ngarasa eungap, tayohna bengekna anval.  Diajakan balik teh kuring mugen.
“Sakedap deui rek aya reog, seug karesep Tikeu,” cekeng teh protes.
“Keun atuh urang titipkeun we ka… saha nya? Tuh geuning aya Ceu Ijot. Engke balikna kudu bareng jeung Ceu Ijot, nya…”
Teuing kumaha mah acara seren sumeren kuring jeung Teh Ai teh. Kuringna kaburu kaceot tur pogot ngabandungan reog nahaon mah ngaranna, poho deui. Ngeunah seuri weh!
Rengse reog ditumbu ku wayang golek, barang ngalieuk ka gigireun kuring karek engeuh… Teh Ai geus teu kaciri irung-irungna acan! Sumawonna Ceu Ijot, duka ti iraha ngarilesna. Hate mimiti ngarasa hariwang, kier ngurilingan gedong Nasional neneangan anu sakira wawuh, heg bisa diiluan balik.
“Hayu bae bareng, tapi engke kira-kira jam satu. Hayang ningali Si Cepot heula, ah!” ceuk Ceu Ijot basa kapanggih keur paduduaan jeung kabogohna.
“Ari Teh Ai ka mana atuh tadi teh?” hate mingkin hemar-hemir.
“Geus balik jeung babaturanana. Bongan Tikeu tadi embung diajakan balik bae, cenah…”
Ehm, Teh Ai mani teungteuingeun!
Kuring ngajulaeu. Antukna mah lahaola nekad rek ngeureuyeuh balik sorangan. Inget we, make saragem pramuka lengkep jeung emblemna. Sapatuna model sapatu beatle nu harita keur usum, beunang meuli Apa ti Bandung. Leumpang weh sosoranganan, lamun panggih jeung anu wawuh geuwat miluan.
Ngan geus aya sawatara kalina anu diiluan teh kaburu marengkol, pisah weh. Basa ngaliwatan kuburan Cina kabeneran taya batur pisan. Kuring milih leumpang di peuntaseunana. Ras inget kana dongeng Mang Umar, cenah lamun ti peuting di palebah dinya osok rame ku anu cangcingcong. Magarkeun teh Cinana keur parasea.
Yeeey, meuni baong tamah Cina, nya, geus maot oge kolu keneh parasea?
Buru-buru kuring mapatkeun Al-Fatihah, digereyemkeun, malah antukna rada bedas ngagereyemkeunana teh. Eh, geuningan angger matak kungkurayeun bulu punduk. Hiiiyy!
Jegoooog, jegooog!
Kalah sora anjing geuning. Ngalieuk ka peuntaseun, ambuiing mani sagede anak kuda kitu? Hadena dirante ku anu bogana, hotel Budhi mun teu salah mah pagigir-gigir jeung kuburan Cina teh.
Kuring tangka buleud-buleud we ngabecir, ngajauhan wewengkon kuburan Cina. Tacan oge rerep sakabeh pangacian, lar rombongan tantara dina jip ngaliwat.
Saurang baju loreng ngagupayan, “Neeeng, hayu ngiring we ka dieu!”
Kuring ngarempod. Apan saur Apa, omat ulah daek dibabawa ku jalma anu teu dipikawanoh. Enya! Moal kapincut, ah.
Kucluk-kucluk deui we nuluykeun lalampahan, dibuka antukna mah tah  sapatu beatle teh. Atuda bongan sorana kalah matak nyingsieunan. Taaak, tuuk, taak, tuuuk, cenah, asa ngadenge nahaon mah… pikasieuneun lah!
Aya sababaraha beca anu kungsi dipentaan tulung. Cekeng teh, pang anteurkeun ka Regol, dibayarna engke di imah. Saurang ge taya anu daek, dadakuna mah rek balik, henteu sajurusan. Biheung henteu percaya ka budak we tamah tukang beca!
Antukna mah cunduk weh ka palebah jalan Empang. Lamun samemehna masih aya keneh jelema rentang-rentang, saurang-saurangeun di palebah dieu mah mungguh combrek, taya kalangkang-kalangkangna acan.
Sora cihcir, jangkrik, gaang jeung nahaon mah mani asa pajejel dina ceuli. Jajantung mingkin rame ngadulag. Angot basa ngaliwat ka hareupeun panto garbang SMP 2 nu aya tangkal jambe “ajaib”. Disarebutna kitu, sabab remen naker kacaritakeun, sakapeung siga anu keur mendeyang gede beuteung, sakapeung deui mah kempes… ceuk sakaol kitu!
“Emaaah! Apaaa!” ti kajauhan oge geus gegeroan.
Taya anu nembalan. Sup ka jero pager hareupeun warung, kadenge we tina luhureun tangkal limus sisi sumur sora bueuk mani ngungkueuk.
”Kueueueuk! Kueueueuk…!” cenah.
Lah kaciptana teh bari ngageleber ka palebah kuring, kecroook weh nyokcrok… polo!
“Wuaaa… Wuaaaa! Tuluuuung! Tuluuuung! Sieueueun, sieun bueueuk!” ngagedoran panto satakerna bari gogorowokan lir anu diuudag garong bae.
Pasti kadenge ka mamana. Barang panto dibukakeun, breh teh Apa.
Ambuuuiiing, naha bet asa nyanggerengan, molototan, siki-siki socana asa galalede, bareureum euceuy?
Gorowok deui kuring ngagero.
”Wuuaaaa… Emaaah, sieun, sieueun… ku Apaaa!”
Geus kitu mah gubrag… les we henteu inget di bumi alam!
***

Cekiiiiit… 
“ Aduuuh, Piiiir! Cing atuh ulah ngebut bae!”
“Enya, ieu aya nini-nini jeung orok!”
Astagfirulahal adziim, kuring ngusap beungeut.
”Di mana ieu teh, Jang?” nanya ka panumpang gigireun.
“Di alun-alun, Ibu. Naha bade lungsur di mana kitu?”
“Euh, stoooop, stooop!” kuring ngagerewek.
Cekiiiiit…
“Aduuuuh, ku naon geus ngerem ngadadak deui bae atuh, Piiir?”
“Heueuh, coplok oge geura jantung Ema, yeuh!”
“Ieu atuda Si Ibu bade lungsur, ngareureuwas…”
Kuring rurusuhan turun.”Punten we atuh, Pa Supir, assalamualaikum…”
Culang-cileung, culang-cileung peuntaseun jalan Empang. Kuduna mah turun di beulah ditu, lempengan jalan ka Gunung Puyuh. Niatna oge seja jarah ka Aki jeung Nini. Sosoranganan, da  Emah tos miheulaan kamari. Kiwari tangtu keur ngantosan di bumina Ceu Tati, teu jauh ti kuburan pelukis sohor Raden Saleh.
“Becana, Ibu?” srog tukang beca eureun hareupeun.
“Euh, sok atuh…” kalacat kana beca.”Teras we ka ditu, nya Mang, engke ku abdi diwartosan deui.”
“Ti manten, Ibu?”
“Euh, ti Cimahi, Mang…”
“Sanes asli urang dieu kitu?”
“Iih, puguh we asli mah ti Sumedang!”
Lamun aya anu nalek cara bieu di mana bae, duka kumaha ngajawab teh ngeunahna osok kitu. Sabab Sumedang pikeun kuring mah mangrupa lembur panineungan. Sok sanajan ngan sakeudeung, angger we asa mundel sagala kajadian anu kungsi karandapan salila di dieu. Pedah eta sugan, nya di lembur ieu ingetan kuring mitembeyan, ngarekam sagala rupa ketak manusa jeung lingkunganana.

Depok, April 2002

0 komentar:

Posting Komentar

Recommend us on Google!

Tulisan Terbaru