Home » » Sumedang Larang: Lembur Panineungan Lembur Implengan Mangsa Leutik

Sumedang Larang: Lembur Panineungan Lembur Implengan Mangsa Leutik

      

               
Basa beus anu ditumpakan ku kuring nyemprung muru kota Sumedang, duka kumaha da eta mah hate ngadadak rus-ras, bruh-breh sagala panineungan mangsa budak. Pasulabreng dina uteuk lir gambar-gambar beunang rekaan sutradara dina  film atawa sinetron…

“Isukan urang ngalongok Emah di Cimahi, nya Tikeu,” saur Apa hiji poe barang datang ka bumina Nini di pengkolan Regol, Sumedang.”Miangna kudu pasusubuh sangkan henteu kapanasan di jalanna…”
Kituna teh bari sok mikeun kueh onde-onde Bandung anu sagede-gede bal tenis tea. Beunang ngahaja meuli ti langganan oleh-oleh ti Emih, cenah. Emih teh Embuna Apa.

Leuh, kuring mani jigrah, bungah naker. Sidik geus sababaraha poe teu manggihan kadaharan anu ngareunah. Ninina tacan nampa pangsiunan, da biasana oge ari keur nyekel duit mah Nini tara teuing ngoretkeun. Osok sagala disadiakeun rupa-rupa kadaharan. Ongkoh Nini kawilang resep katuangan anu raraos. Sakapeung mah dibelaan anjuk-hutang tateh.

“Karek oge jol atuh, Cep,” tempas Nini anu nuju calik dina amben bari ngabulaeh nyeupah.”Kumaha kitu ayeuna kaayaan Nok Alit teh, Cep?”
Nini mah da menak, ari nyarios tara kendat ku tata-titi sakumaha ilaharna teureuh menak.

“Manawi Embu, henteu patos sae puguh ge,” kapireng Apa ngadadak ngaheruk. Liren ngudul-ngudulkeun eusi ranselna. Pameunteuna anu biasana kereng perbawaning tantara tea, katingal bangun ngemu kabingung tur kahariwang.”Saur dokter mah darah tinggi…”

“Naon kitu anu karasana ku Nok Alit ayeuna teh, Cep?”
“Muhun sapertos kamarina we, Embu, nyeri sirah bae…. Eeh, candakan geura sadayana ka dapur, Ai. Pasihkeun ka Bi Eha, nya!” cenah ka Teh Ai anu ti tatadi ngajeten gigireun Nini ngadedengekeun anu gunem catur. Teh Ai dulur sabrayna anu geus dirorok ti umur bubulanan ku Emah sareng Apa.

Teh Ai sakedapan mah kalah neuteup pameunteu Apa.”Kenging Ai ngiring ka Cimahi? Hoyong ngalongok Emah,” pokna bari bangun luwa-lewe. Umurna beda opat taunan jeung kuring, pangawakanana oge bongsor.
“Kenging wae ngan henteu bisa ayeuna. Apan Ai mah keur sakola. Jabaning sakeudeung deui ulangan umum, lin?” 

Harita Teh Ai geus kelas opat SD, baheula mah SR keneh ketang, di SR 1  Sukaraja.
“Geuning Tikeu henteu kudu sakola?” cenah protes.
“Tikeu mah karek Taman Kanak-kanak, teu nanaon merekeun maneh ge.”
“Enya, engke we Ai mah lamun geus pere. Dibarengan ku Nini, nya!” saur Nini enggal ngabebenjokeun Teh Ai. 

Kuringnu harita karek taman kanak-kanak tiba manghandeueulkeun. Pasti resep ari nyaba aya batur ulin mah. Kacipta, meureun bisa silih gonjak, galecok ngobrol, heg tutunjuk itu-ieu anu katempo sajeroning dina beus. Ngabebenjokeun kabosen, jabaning kuring mah osok mabok ari nyanyabaan jauh teh.

”Cig pasihkeun ka Bi Eha oleh-oleh Bandung teh,” saur Apa deui.
Teh Ai henteu bisa manggapulia, bari ngangkut karanjang pinuh ku sayuran seger sarupaning wortel, kembang engkol jeung onde-onde ngareretan heula ka palebah kuring. Kacirina bangun baketat-baketut. Sorangan mah jongjon we ngahekak onde-onde, bari nuluykeun ngadedengekeun anu gunem catur.

“Cobaan atuh ka nu bisa, Cep, bisi we ieu mah alatan wisaya deungeun,” saur Nini deui.”Biheung aya anu sirik ka Encep, tapi keunana kalah ka Nok Alit… Encep onaman loba elmuna!”

Basa geus rada gede kuring karek ngarti, kunaon Apa mindeng disarebut loba elmuna ku wargi-wargi Nini. Ilaharna tantara atawa prajurit Sliwangi dina pajamanan riceuw ku gorombolan DI, cenah mah osok ngarelmu kasakten ka para Kyai atawa guru kadugalan.

Cenah mah deuih, Apa oge da boga elmu kadugalan. Buktina kungsi dikadek ku bedog Mang Umar… hiih, da henteu teurak! Ceuk ujaring carita ketah, da sorangan mah tacan kungsi nalingakeun Apa dina kaayaan kitu. Teu wararasa teuing barina ge kudu nyaksian nu jadi bapa dikadekan batur!
***

Kuring ngeletrek jeung Teh Ai anjang-anjangan, ngulin-ngulinkeun wawayangan tina daluang kenging Apa. Aya oge sisigeran jeung mangkuta sarua tina daluang, heg dirapkeun kana sirah, ceuli.
Ah, Apa, teuing aya ku sagala tiasa!

Tayohna Teh Ai rada kaupahan hatena, da perena oge sakeudeung deui. Sakapeung ceuli mah curinghak-curinghak we ngadedengekeun anu gunem catur. Bi Eha mairan bari mawa susuguh.
Teu kungsi lila torojol Mang Umar, panyawah jenatna Aki ti Cirangkong. Puguh anu gunem catur teh asa mingkin haneuteun. 

Angot da Mang Umar mah ruruntuk jawara ti Labuan, ngiringan ka jenatna Aki anu pangsiunan Behirder sabada Jepang ngaranjah Indonesia.

Anu jadi jejer paguneman angger keneh ngeunaan kasakit Emah. Geus mulan-malen Emah diubar-aber alatan nyeri mastaka. Antukna diopnameu di rumah sakit Dustira, Cimahi. Harita kuring geus boga adi dua, keur sumedeng bilatung dulang. Basa Emah dicandak ku Apa jeung Emih ka Cimahi, adi duanana marilu. Kuring dipasrahkeun ka Nini da geus sakola tea.
   
“Ana kitu bener we atuh ieu mah wisaya deungeun ka Encep! Kudu dilawanna oge ku anu iasaeun deui atuh, Encep. Kumaha mun Emang ngangkir si Amih Eneng ti Cibunut?” teuing kumaha urusanana Mang Umar ujug-ujug kaciri ejegeler.

Kituna teh leungeunna bari nyenyekel hulu bedog anu meulit dina cangkengna.          
Sieun kuring mah ka Mang Umar teh. Eta atuda osok popolotot bae, heg ari nyarita mani awong-awongan. Kumaha we ilaharna hiji jawara. Bedog panjang tara leupas tina cangkengna, tacan geulang baharna anu sagede-gede oray… hiiy!

Ongkoh ngalaman trauma deuih jeung Mang Umar teh. Inget we, sakali mangsa mah kuring kungsi “perang” jeung manehna. Pedah kuring keukeuh hayang milu ka Emah anu rek balanja ka pasar. Ari Emahna keukeuh deuih embungeun mamawa kuring, atuda eta cenah osok hayang sagala rupa. Ari henteu ditedunan kuringna osok ngadat.

Tah, basa Emah numpak beca, geleyeng maju tarik. Henteu ngengkekeun deui kuring oge anu geus ngintip-ngintip ti tatadi mula… berrr weh mengpengan ngabeberik beca bari cocorowokan.

”Emaaaah! Emaaaah, Tikeu miluuuu! Hayang miluuu!”
Henteu kanyahoan Mang Umar ngaberik ti tukangeun. Kuring tangka buleud-buleud weh notog-notogkeun maneh, awahing ku sieun Mang Umar tapi ku hayang milu ka Emah. Loba jelema anu ngadadak milu ngabobotohan sapanjang sisi jalan.

“Hoyaaaah! Hoyaaah! Tewaaak, euy! Tewaaak!”
“Mang Umaaar… saeutik deui taaah!”
“Eneeeng… mangkahade aya Mang Umaaar!”
“Mangkaning nyonyoren bedog, Eneeeng!”
“Enggalan, Neeeng… enggaaaal!”

Wuaah, heee-booh weh tamah sapanjang jalan Empang!
Gustii, da eta mah… napas geus hahehoh, suku lungse beak karep, kesang ngagarajag saawak-awak. Sedengkeun beca anu ditumpakan ku Emah mingkin mengpengan ka alun-alunkeun.

Barang ret ngareret ka tukangeun, beduus teh siah! 
Mang Umar ngan tinggal saregeyeng-regeyengeun, bener we. Ceeeg, gurawil… ngan sadetik oge awak kuring anu pecekrek teh geus aya dina taktakna!
“Embuuung! Embuuung siaaah! Mang Umar jahaaat!” kuring gogorowokan bari neunggeulan tonggong Mang Umar satakerna.

Hiih, da teu rongret-rongret!
“Jadi budak teh ulah bangor-bangor teuing atuh, Eneng!” cenah kukulutus bari ngemprid manggul kuring. Pada nyarurakan oge kalah noyod we bari ngaheheh, mo bina ti Rahwana mulang tandang perang.

Tuluyna mah balik deui ka bumina Nini anu harita keur saruwung. Inget keneh we, Nini nuju ka pangaosan di Situraja, ngajakan Bi Eha deuih. Puguh di imah ngan aya Mang Umar kadua kuring.
“Sok ayeuna mah masing rek gogorowokan oge pek teh teuing!” kituna teh bari gubraaag, ngecagkeun kuring di teras.

Manehna tuluy ngoreleng ka pipir.  Sugan teh rek ditinggalkeun kitu bae. Ari pek barang balik manehna ngangkut kurungan si Jago gaduh Apa. Puguh kuring mingkin sieun, nyempod-nyempod we tukangeun panto.

Eta mah Mang Umar teuing ku taya karunya ka budak lembut, nya? Ujug-ujug rigidig deui manggul kuring, gubraaag deui bae digubragkeun dina teras. Geus kitu mah rup weh kurungan hayamna… dikurungkeun ka kuring!
“Mang Umar gelooo! Mang Umar gelooo!”

Sanajan gogorowokan nepikeun ka peuyeuh oge, hiiih, manehna mah da jongjon we sidengdang dina amben bari ngelepus udud. Pada ngalajoanan ku jalma-jalma anu kabeneran ngaliwat hareupeun bumi Nini.

Persiiiis… doger monyet anu keur ngadat we tamah!

Dikaluarkeun soteh bane we aya Ma Isem, rencang Nini anu samemehna sawatara lila diangkir ka nu hajatan di Gending.

“Taya pisan rasrasan ka budak teh ari maneh, nya Umar! Mangkaning Neng Tikeu mah mindeng geringan. Kumaha keh mun nombro? Dasar urang Labuan!” digelendeng ku Ma Isem kalah ngaheheh-ngaheheh weh, heg ngareret ka palebah kuring, karasana ku kuring mah harita molototan. Hiiiiih, bleg weh monyet raksasa! 

Puguh kuring mingkin sieun, keuheul, ngewa jeung lapar deuih… ceurik eueuriheun weh dina akeupan Ma Isem. Ti saprak harita mah kuring osok pura-pura bageur we ari hareupeun Mang Umar. Ketang lamun taya manehna mah angger we osok badeur!
***


Catatan; semua lakon kecil ini ada di buku Dalam Semesta Cinta, silakan bisa pesan via SMS: 085717221903, harga 52 ribu, belum ongkir. 

0 komentar:

Posting Komentar

Recommend us on Google!

Tulisan Terbaru