Home » » Sumedang Larang Lembur Panineungan

Sumedang Larang Lembur Panineungan

 


Mangsa Budak

Pipiet Senja

               

Basa beus anu ditumpakan ku kuring nyemprung muru kota Sumedang, duka kumaha da eta mah hate ngadadak rus-ras, bruh-breh sagala panineungan mangsa budak. Pasulabreng dina uteuk lir gambar-gambar beunang rekaan sutradara dina  film atawa sinetron…

“Isukan urang ngalongok Emah di Cimahi, nya Tikeu,” saur Apa hiji poe barang datang ka bumina Nini di pengkolan Regol, Sumedang.”Miangna kudu pasusubuh sangkan henteu kapanasan di jalanna…”

Kituna teh bari sok mikeun kueh onde-onde Bandung anu sagede-gede bal tenis tea. Beunang ngahaja meuli ti langganan oleh-oleh ti Emih, cenah. Emih teh Embuna Apa.

Leuh, kuring mani jigrah, bungah naker. Sidik geus sababaraha poe teu manggihan kadaharan anu ngareunah. Ninina tacan nampa pangsiunan, da biasana oge ari keur nyekel duit mah Nini tara teuing ngoretkeun. Osok sagala disadiakeun rupa-rupa kadaharan. Ongkoh Nini kawilang resep katuangan anu raraos. Sakapeung mah dibelaan anjuk-hutang tateh.

“Karek oge jol atuh, Cep,” tempas Nini anu nuju calik dina amben bari ngabulaeh nyeupah.”Kumaha kitu ayeuna kaayaan Nok Alit teh, Cep?” Nini mah da menak, ari nyarios tara kendat ku tata-titi sakumaha ilaharna teureuh menak.

“Manawi Embu, henteu patos sae puguh ge,” kapireng Apa ngadadak ngaheruk. Liren ngudul-ngudulkeun eusi ranselna. Pameunteuna anu biasana kereng perbawaning tantara tea, katingal bangun ngemu kabingung tur kahariwang.”Saur dokter mah darah tinggi…”

“Naon kitu anu karasana ku Nok Alit ayeuna teh, Cep?”

“Muhun sapertos kamarina we, Embu, nyeri sirah bae…. Eeh, candakan geura sadayana ka dapur, Ai. Pasihkeun ka Bi Eha, nya!” cenah ka Teh Ai anu ti tatadi ngajeten gigireun Nini ngadedengekeun anu gunem catur. Teh Ai dulur sabrayna anu geus dirorok ti umur bubulanan ku Emah sareng Apa.

Teh Ai sakedapan mah kalah neuteup pameunteu Apa.”Kenging Ai ngiring ka Cimahi? Hoyong ngalongok Emah,” pokna bari bangun luwa-lewe. Umurna beda opat taunan jeung kuring, pangawakanana oge bongsor.

“Kenging wae ngan henteu bisa ayeuna. Apan Ai mah keur sakola. Jabaning sakeudeung deui ulangan umum, lin?” Harita Teh Ai geus kelas opat SD, baheula mah SR keneh ketang, di SR 1  Sukaraja.

“Geuning Tikeu henteu kudu sakola?” cenah protes.

“Tikeu mah karek Taman Kanak-kanak, teu nanaon merekeun maneh ge.”

“Enya, engke we Ai mah lamun geus pere. Dibarengan ku Nini, nya!” saur Nini enggal ngabebenjokeun Ai

Kuring anu harita karek taman kanak-kanak tiba manghandeueulkeun. Pasti resep ari nyaba aya batur ulin mah. Kacipta, meureun bisa silih gonjak, galecok ngobrol, heg tutunjuk itu-ieu anu katempo sajeroning dina beus. Ngabebenjokeun kabosen, jabaning kuring mah osok mabok ari nyanyabaan jauh teh.

”Cig pasihkeun ka Bi Eha oleh-oleh Bandung teh,” saur Apa deui.

Teh Ai henteu bisa manggapulia, bari ngangkut karanjang pinuh ku sayuran seger sarupaning wortel, kembang engkol jeung onde-onde ngareretan heula ka palebah kuring. Kacirina bangun baketat-baketut. Sorangan mah jongjon we ngahekak onde-onde, bari nuluykeun ngadedengekeun anu gunem catur.

“Cobaan atuh ka nu bisa, Cep, bisi we ieu mah alatan wisaya deungeun,” saur Nini deui.”Biheung aya anu sirik ka Encep, tapi keunana kalah ka Nok Alit… Encep onaman loba elmuna!

Basa geus rada gede kuring karek ngarti, kunaon Apa mindeng disarebut loba elmuna ku wargi-wargi Nini. Ilaharna tantara atawa prajurit Sliwangi dina pajamanan riceuw ku gorombolan DI, cenah mah osok ngarelmu kasakten ka para Kyai atawa guru kadugalan.

Cenah mah deuih, Apa oge da boga elmu kadugalan. Buktina kungsi dikadek ku bedog Mang Umar… hiih, da henteu teurak! Ceuk ujaring carita ketah, da sorangan mah tacan kungsi nalingakeun Apa dina kaayaan kitu. Teu wararasa teuing barina ge kudu nyaksian nu jadi bapa dikadekan batur!

***

           


0 komentar:

Posting Komentar

Recommend us on Google!

Tulisan Terbaru